ADIL KEUR SAHA…?????

Penulis: Def

1 Oktober 2024

Oleh : Ki Demang

Jalma leutik Ting koceak..
Neangan anu di sebut adil
Jalma bodo..Ting polohok,di bobodo ku jalma anu cenah loba kanyaho.
Jalma malarat, salawasna katincak ku anu boga pangkat…

Pulisi anu cenah ngabdi ngabakti ngabela rahayat..nyatana jauh Tina harepan.
Paneunggeul,sentak porongos geus jadi alat pikeun mariksa rahayat leutik anu tanpa daya…
Kuntung roko,cameti,sepak Jeung tajong eta alat keur ngorek Sangkan sakitan ngaku ..
Saka tatal jalma leutik teu apal hukum…
Di fitnah kudu ngaku mateni jalma…
Naon anu kudu di aku,??
Mana bukti yen manehna mateni?
Saka tatal .kapaksa ngaku mateni saking teu kuat nahan panyiksa…

Hey anu keur kumawasa!!
Naha anjeun rek hirup salilana?
Teu nolih Kana kanyeri Batur??
Hey .anu keur kumawasa!!!
Naha anjeun teu boga turunan???
Hey anu keur kumawasa!!!
Naha anjeun teu sieun ku doa jalma2 anu di aniaya Jeung di fitnah???
Gusti Allah henteu sare..
(Ki Demang, 31 juli 2024)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

New Article