TIORI

Penulis: Def

1 Oktober 2024

Oleh : Ki Demang

Ceuk Saha kaadilan kudu dumasar Kana ketuhanan yang Maha Esa.???.TIORI
Nyatana loba para penegak hukum ngadasarkeun Kana kahayang nafsu angkara….
Nafsu anu karaksukan iblis…
Iblis anu sanyatana jadi pangeran para penegak hukum..

Ceuk Saha kemanusiaan yang adil dan beradab jadi dadasar Dina mutus hiji perkara…???..TIORI.
Nyatana loba jalma teu tua teu dosa jadi sasaran jalma jalma di seragam anu biadab jauh Tina jiwa kamanusaan….
Panyiksa,balsem,nginum cikiih anu di tujukeun ka jalma teu tua teu dosa…

Ceuk Saha persatuan anu jadi dadasar hirup kumbuh dinagara anu ceunah hukum jadi panglima…???.TIORI
Nyatana..loba keneh anu paburencay,pakiakia Dina nanjeurkeun bebeneran….

Ceuk saha karakyatan jadi dadasar kahirupan..???…TIORI
Nyatana…kamanusaan geus ganti jadi sifat hewaniah anu Ngan saukur ngagugulung nafsu…
Lolobana ukur ANJING anu mangrupa jalma…

Ceuk Saha..keadilan sosial bagi seluruh rakyat.???.TIORI
Nyatana…kaadilan dinagara ieu jadi barang anu kacida mahalna…
Saka Tatal Jeung baturna Ngan ukur kuli bangunan hese beleke nembus Kana dinding kaadilan…
Peunggas harepan neangan kaadilan pormal…
Masih keneh percaya Aya kaadilan dinagara ieu…????
Sumpah pocong jadi jalan keur jalma leutik anu teu bisa nembus tembok kaadilan…

 (Ki Demang, Yogya 10 Agustus 2024)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

New Article